PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Alus laur hade omé
Arti Basa Sunda
alus dedeg pangadegna

Arti Bahasa Indonesia
berbadan/ bertubuh bagus (ideal)

Ambek nyedek tanaga midek
Arti Basa Sunda
napsu gede tapi tanaga euweuh

Arti Bahasa Indonesia
emosi/keinginan besar tapi tak ada tenaga atau tidak mampu menyalurkan emosi/ keinginannya

Ambekna sakulit bawang
Arti Basa Sunda
babarian pisan ambek, jeung mun geus ambek tara sakeudeung

Arti Bahasa Indonesia
cepat marah dan marahnya lama

Anak dua keur gumunda
Arti Basa Sunda
awéwé nu karék boga dua anak mah lalaki téh barogoheun

Arti Bahasa Indonesia
perempuan yang baru punya dua anak terlihat menarik dan banyak lelaki yang jatuh cinta

Anak hiji keur gumeulis
Arti Basa Sunda
awéwé nu kakarék boga budak hiji, katempona sok beuki geulis waé

Arti Bahasa Indonesia
perempuan yang baru punya satu anak, terlihat makin cantik saja

Anak merak kukuncungan
Arti Basa Sunda
sipat-sipat budak utamana sipat nu hadé éta téh nurun ti kolot

Arti Bahasa Indonesia
sipat anak terutama sipat baik itu menurun dari orang tuanya

Anak tilu keur kumusut
Arti Basa Sunda
awéwé nu geus boga anak nu teu bisa ngurus dirina

Arti Bahasa Indonesia
perempuan yang sudah punya anak tiga yang tidak bisa mengurus diri sehingga terlihat kumel

Anjing ngagogogan kalong
Arti Basa Sunda
mikahayang nu lain-lain nu moal laksana, mikahayang perkara nu moal kasorang

Arti Bahasa Indonesia
menginginkan sesuatu yang tidak mungkin tercapai atau terlaksana

Anjing nyampeurkeun paneunggeul hartina
Arti Basa Sunda
ngadeukeutan pibahayaeun, nyampeurkeun nu rék nyiksa, ngarogahala, atawa nganyenyeri

Arti Bahasa Indonesia
mendekati bahaya atau mendekati orang yang akan menyiksa/menyakiti

Anu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan
Arti Basa Sunda
mupuas kanu keur cilaka

Arti Bahasa Indonesia
menambah luka pada orang yang terluka, menyudutkan orang yang terkena masalah/musibah

Anu burung diangklungan, anu gelo didogdodan, anu edan dikendangan
Arti Basa Sunda
anu gede wadul dihaminan supaya leuwih maceuh

Arti Bahasa Indonesia
pembohong didengerin agar tambah parah (bohongnya)

Ari diarah supana, kudu dipiara catangna
Arti Basa Sunda
naon wae nu mere hasil ka urang kudu diurus atawa dipiara bener-bener

Arti Bahasa Indonesia
apapun yang memberi hasil pada kita harus diurus baik-baik

Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed
Arti Basa Sunda
hartina geus kolot tapi kahayang jiga budak ngora

Arti Bahasa Indonesia
umur sudah tua tapi keinginan masih seperti anak muda