KASUNDAN
Kamus
Paribasa
Blog
User
PARIBASA SUNDA - INDONESIA
Paribasa
Arti
Cari
Reset
Asa aing uyah kidul
Arti Basa Sunda
boga rasa pangbisana atawa pang punjulna
Arti Bahasa Indonesia
sombong, merasa paling bisa, merasa lebih dari yang lain
Asa bucat bisul
Arti Basa Sunda
asa lesot tina urusan gede, beres pagawean, masalah atawa beban
Arti Bahasa Indonesia
" lepas dari masalah, pekerjaan sulit atau beban
Asa dijual payu
Arti Basa Sunda
nguyung pedah ngarasa sorangan di pangumbaraan jauh ti indung bapa
Arti Bahasa Indonesia
murung sebab sendirian di perantauan karena jauh dari orang tua
Asa dina pangimpian
Arti Basa Sunda
teu percaya kana kaayaan nu karandapan
Arti Bahasa Indonesia
merasa tidak percaya dengan kejadian atau kenyataan yang dihadapi
Asa dipupuk birus
Arti Basa Sunda
ngarasa tibra haté
Arti Bahasa Indonesia
merasa tentram dan bahagia
Asa ditonjok congcot
Arti Basa Sunda
meunang kabungah anu teu diarep-arep
Arti Bahasa Indonesia
mendapat kebahagiaan sangat besar yang tidak disangka-sangka
Asa ditumbu umur
Arti Basa Sunda
boga rasa kahutangan budi anu pohara gedéna
Arti Bahasa Indonesia
merasa sangat berhutang budi
Asa euwuh beungeutan
Arti Basa Sunda
kacida pisan érana
Arti Bahasa Indonesia
sangat malu
Asa kabur pangacian
Arti Basa Sunda
kacida reuwasna, nepi ka teu puguh cabak, asa leungit sumanget
Arti Bahasa Indonesia
sangat kaget/ terkejut sampai merasa tidak jelas apa yang harus dikerjakan dan hilang semangat
Asa kagunturan madu kaurugan menyan bodas
Arti Basa Sunda
kacida bungahna jeung kacida bagjana
Arti Bahasa Indonesia
sangat bahagia atau bahagia yang luar biasa
Asa katindihan langit
Arti Basa Sunda
geus euweuh harepan
Arti Bahasa Indonesia
tidak ada harapan
Asa mobok manggih gorowong
Arti Basa Sunda
kabeneran aya jalan keur ngahasilkeun maksud atawa usaha nu keur dipaju
Arti Bahasa Indonesia
kebetulan ada jalan untuk memuluskan maksud atau usaha yang sedang digarap
Asa kiamat
Arti Basa Sunda
pohara sedihna jeung susahna
Arti Bahasa Indonesia
sangat susah dan sedih yang luar biasa
Sebelumnya
2
3
4
Selanjutnya
Ready to Leave?
×
Select "Logout" below if you are ready to end your current session.