PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Abang-abang lambé
Arti Basa Sunda
alus omongan ukur dina biwir wungkul, henteu sarua jeung dina haté

Arti Bahasa Indonesia
bagus kata-kata di bibir saja, tidak sesuai dengan hati

Abis bulan abis uang
Arti Basa Sunda
béak bulan béak gajih, pas-pasan teu nyesa keur bulan hareup

Arti Bahasa Indonesia
habis bulan habis pula uang/penghasilan

Abong biwir teu diwengku, abong létah teu tulangan
Arti Basa Sunda
ngomong sakarepna atawa ngomong jangji engab

Arti Bahasa Indonesia
berbicara senaknya tanpa dipikirkan akibatnya

Adam lali tapel
Arti Basa Sunda
poho ka dulur, baraya jeung ka lemah cai

Arti Bahasa Indonesia
lupa pada sanak keluarga dan lupa ke kampung halaman

Adat kakurung ku iga hartina
Arti Basa Sunda
adat anu hese dirobah

Arti Bahasa Indonesia
karakter yang sudah mendarah daging dan susah diubah

Adean ku kuda beureum
Arti Basa Sunda
ngarasa ginding ku pakéan batur atawa gaya ku barang batur

Arti Bahasa Indonesia
merasa gaya dengan barang orang lain

Adigung adiguna
Arti Basa Sunda
asa aing leuwih ti batur

Arti Bahasa Indonesia
sombong atau merasa diri lebih unggul dari orang lain

Agul ku payung butut
Arti Basa Sunda
agul ku turunan atawa ku barang anu teu sapira

Arti Bahasa Indonesia
sombong oleh keturunan atau bangga dengan barang yang nilainya tidak seberapa

Aki-aku tujuh mulud
Arti Basa Sunda
geus kolot pisan

Arti Bahasa Indonesia
sudah berumur sangat tua

Aku-aku angga
Arti Basa Sunda
ngaku-ngaku barang atawa pagawéan meunang batur

Arti Bahasa Indonesia
mengakui barang milik orang atau hasil pekerjaan orang lain

Alak-alak cumampaka
Arti Basa Sunda
hayang jeung resep dipuji ku batur, ngarasa pangpunjulna ti batur atau anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya

Arti Bahasa Indonesia
ingin dipuji orang, merasa paling unggul atau yang rendak ingin menyerupai yang tinggi, yang hina ingin menyerupai yang mulia

Along-along bagja
Arti Basa Sunda
teu tulus meunang bagja

Arti Bahasa Indonesia
tidak jadi mendapat kebahagiaan

Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna
Arti Basa Sunda
Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa

Arti Bahasa Indonesia
Allah tidak memihak pada orang yang berdosa